Kalangkang di Panto Tukang
EMA jeung Apa nuju ka Bandung. Kapegat hujan saurna, jadi karulem di bumi Tètèh. Keun wè da aya Bi Isnah nu sok maturan. Unggal-unggal gè sok dibaturan .
Karèk jam tujuh. Bi Isnah mah datangna sok jam dalapan kapeutingnakeun. Nungguan incuna sararè heula. Teu karasa sabot lalajo tipi, les wè kasarèan. Korèjat. Kagareuwahkeun ku sora ucing garelut di pipir. Nempo jam, geus tabuh sapuluh. Bi Isnah tèh geuning teu datang.
“Ah, keun waè. Sorangan gè moal nanaon,” pikir tèh.
Poho can nempoan jandèla jeung panto. Cengkat. Tuluy dipariksaan. Parageuh. Tuluy ngaroris panto tukang. Luareun panto nu tina kaca tèh jiga aya nu ngabedega. Disidik-sidik. Lalaki. Jangkung, sembada. Buuk ngarewig. Mamawa bedog. Rènjag. Beuki ditelek-telek. Si Pèsèk, nu gèlo..
“Gusti…, geuning?” Horèng nu katempo ku kuring tèh kalangkangna nojo kana panto. Lain di luar, di tukangeun. Rèt dilieuk. Bedogna ngaheumbat.*
Lia Robby - kisuta.com


