Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ucing Candramawat

Selasa, 12 Januari 2016

MÉMÉH sare, ngagenti heula seprè. Cat wè, tuluy muka lèptop. Sabot anteng mukaan fèsbuk, rekèt panto kamar muka. Teu dilieuk. Geus apal, pasti si Bonbon, ucing candramawat kameumeut. Rèk ngilu sarè. Jongjon wè ngalaikan status batur, ngomèn saeutik-saeutik, tuluy anteng inbokan jeung gèbètan. Lila-lila tunduh ogè. Lèptop dipareuman. Golèhè kana bantal. Si Bonbon anteng deuih, teu kecèt-kecèt. Tibra wè dina tunjangeun. Teu lila si Lucu tèh ngulisik. Naèk kana suku kuring, kabiasaan. Dasar si Ogo. Cep tiis.
"Ѐh, naha aya nu tiis?" cèkèng tèh ngomong sorangan. Kuring cengkat. Gap. Har geuning leutak hungkul? Seprè beresih jadi emblog-emblogan ku leutak. Atuh tibuburanjat turun. Bari ngabetot seprè, sakalian mindahkeun si Candramawat. Kudu sarè di luar kaya kieu mah ucing tèh. Rèk dikaluarkeun tina panto tukang. Kulutrak. Bray, brèh gundukan taneuh beureum deukeut panto. Kuburan si Bonbon. Pan tadi sorè paèh katabrak motor . Soak. Lung wè. Dilieuk, matana burahay ngagebur beureum.*

Lia Robby - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya