Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ti Jero Kontèner

Sabtu, 16 Januari 2016

DIGAWÉ 'shift' peuting. Duaan jeung babaturan. Bagèan nampa barang kiriman. Tugasna mukaan kontènèr.
Kurunyung datang treuk toronton mawa barang. Bus ka pabrik. Sanggeus dibereskeun surat-suratna. Bus we kontènèr ka ruang paragi muka deukeut gudang.
Horèam nataku. Tunduh bakuna mah. Ngan kumaha da geus tugas.
“Hayu, Mat,” noèl ka babaturan nu ti isa kènèh kalah ngadon ngagoplèk.
Rada hèsè muka konci kontènèr tèh. Ukay-ukey. Bray wèh. Rada poèk ruangan tèh. Remeng-remeng, pati kaciri naon nu di jero kontènèr. Tapi asa jiga nu oyag-oyagan. Anèh. Jiga hirup. Panasaran. Dibatrèan. Burudul beurit. Mangrewu-rewu. Tingcaricit. Harideung. Baradag. Mèh sagedè-gedè ucing. Matak soak. Ngarajleng. Becir wè geus teu inget kana nanaon muru panto. Disurung-surung pageuh. Soak. Ngalieuk ka tukang ka si Mamat. Euweuh. Teuing ka mana. Ngan ukur lautan beurit nu beuki deukeut. Tingsangèrèng. Huntuna sareukeut. Mata konèngna ngagebur. Panto nagen teu bisa dibuka.*

Lia Robby - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya