Laporan BOS
LIEUR. Numpuk pagawèan. Laporan BOS kudu anggeus dua poè. Mangkaning lain hiji. Da aya sababaraha sakola nu ngèngkèn mènta dipangnyieunkeun. Ti tatadi geus nanagih waè kapala-kapala sakolana. Narelepunan, ngasms-an. Atuh puguh kalah beuki lieur. Tapi da butuh duitna.
Leuheung lamun enya mah pangaluaran sakitu tèh puguh bon jeung SPJ-na, da ieu mah aya waè nu teu sapagodos jeung aturan. Aya nu dibeulikeun seragam guru, dibeulikeun barang-barang mahal, aya ogè anu dipakè nyocokan wartawan, mèh teu kapanggih ku Dines yèn duit BOS tèh teu dipakè ku sakola.
Mingkin lieur. Nya kapaksa ari dikèngkènan mah kudu daèk wè nyieun laporan piktip. Boh kuitansi, boh SPJ-na. Tanda tangan ku sorangan, kalan-kalan ku pamajikan. Cap gè nyieunan, sagala boga, sakur nu sok dipakè dina laporan.
Bakat ku rieut, nyuuh dina mèja. Tibra. Ngimpi angka-angka laluncatan tina laporan, tuluy ngaronom, ngègèlan kana ramo. Nyeriii.
Korèjat. Brèh ramo-ramo kari saparotong. Laporan guyang getih.*
Lia Robby - kisuta.com


