Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kabèntar Gelap

Minggu, 24 Januari 2016

"MAH, tong waka balik nya. Kè wè sadijemputna ku Bapa. Ayeuna can bisa ka mamana. Hujan kènèh. Paur guludug."
Imah rada nyingcet ti lembur, kudu ngaliwatan sawah nu lega. Ari hujan dor-dar gelap tèh teu bisa indit-inditan.
"Enya atuh. Tapi tong lila nya. Langsung mun hujan raat, buru ka dieu! Si Nyai geus merenyeng waè hayang balik," kadèngè sora pamajikanana dina telepon, dialokan ku sora budak leutik di tukangeunana Bapa-bapaan.
Barasat, tatit meulah langit. Guludug patingjelegur handaruan. Les teu inget di bumi alam
Sadar-sadar tèh kira-kira saparapat jam ti harita. Buuk jegjreg ka luhur tur rada bau hangit. Aya tapak tutung dina leungeun jeung dina dada beulah kènca. Hapè ditempo tèh geus beulah, tutung.
"Astaghfirulloh.. meureun kabèntar gelap tadi tèh. Gustiii nuhun abdi masih kènèh dipasihan hirup."
"Èok," ti tukangeun. Rèt, si Empus.
"Emh, Empus. Kuring masih bisa mangku manèh,"bari dirongkong. Tel, kunyunyud, gubrag, kusek-kusek si Empus paèh. Buluna narangtung kabèh. Hangit. Bati olohok.
"Bapa...," bray panto muka. Pamajikan jeung si Nyai lumpat muru rèk ngagabrug.*

Lia Robby - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya