Sastra & Humor
Fikmin
Kingkin
Senin, 25 Januari 2016
WANCI geus lingsir ngulon. Moal lila deui mumunggang gunung dikeput layung hurung. Leumpang digancangan, muru jangji patepung méméh sareupna. Barang anjog, nu ngabagéakeun ukur kalangkang nu terus lumpat ngajauhan. Deuh paingan, digupayan katumbiri nu imut na genclang talaga. Hanjelu, leungiteun tapak. Harepan ngararas, ungkara kasumba kari waasna. Tunggara, mireng séahna kanyaah kabawa caah. Ngoléang leungiteun udagan. Horéng nu ditéangan ukur adegan tina impian. Sukma ditiruk sungkawa, tilem na sagara cimata.*
Tiktik Rusyani - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


