Kongkorong Pangantèn
RÉNGSÉ resèpsi, sup ka kamar. Ucul-ucul. Pamajikan ngalèndèan. Ditèwak cangkèngna. Tuluy disun sayang. Teu sawatara lila ukur kadèngè napas kuring jeung manèhna, patèmbalan jeung sora ranjang nu rerekètan. Olèng pangantèn. Nu kadua kali keur kuring mah.
Tengah peuting masih kènèh nyaring. Ngobrol haharèwosan bari sakapeung silih usapan.
"Nèng, cing cobian mas kawinna."
"Pangmasangkeun ku Engkang," si Geulis ogoan. Tuluy nukangan. Geus dipasangkeun kongkorong berlianna, manèhna lumpat ka hareupeun eunteung. Kuring nyerangkeun tina kasur.
Mimitina mah sura seuri. Tapi lila2 manèhna engap2an jiga nu eungap. Mata ngaburileng. Letah ngelèl. Kuring ngajleng ngarontok ka manèhna nu tuluy sosongkolan dina lantè. Kongkorong beuki pageuh. Jero kana beuheungna. Nyeplès jiga basa ku kuring dipake ngeurad beuheung pamajikan nu tiheula.*
Lia Robby - kisuta.com


