Sastra & Humor
Sajak
Tungtung Taun
Senin, 1 Februari 2016
Unggal puteran mangsa
réngkak teu kendat ngawiletan rénghap
sadami
sadami
wanci mingkin deukeut ka lastari
Ti taun ka taun umur tuluy muguran
daun-daun poé ngalakay kabawa angin
Ngabarak
Katincakan
Kaléngkahan
Kapopohokeun
Dahan bulan pasoléngkrah
jadi pangpung kahirupan
Bangkarakna béak dikorowotan rinyuh jaman nu mingkin mahabu
Ari urang beut kadalon-dalon
Haben ngagimbung teu puguh cabak
handapeun tangkal nu geus méh paéh
Inda Nugraha Hidayat – kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


