Si Enèng
“EMA, hapunten, sanès abdi tèga. Pami teu mios, kumaha urang sadidinten? Jajan jeung bèaya sakola Si Enèng? Kang Adung mah pan geuning kitu. Paribasa rieut, capè. Gawèna ngaringkuk. Komo ukur anak tèrè ka Si Enèng mah,” ceuk kuring lima taun ka tukang, mèmèh bubuara gawè di Saudi. Pisah jeung kulawarga, namplokkeun kasono ukur na telepon. Sabaraha poè ieu inget waè ka Si Enèng. Tèrèh abègè meureun. Geus kelas genep, geulis budak tèh. Lungguh timpuh pantesna tèh, da tara loba nyarita mun dina telepon gè. Duh, sono bèak karep.
Kirining telepon. Buru-buru diangkat. Panjang umur budak tèh.
“Mah,” hariweusweus. “Pami ngicalkeun getih tina seprè kumaha?”
Euleuh, geus hèd geuning budak tèh. Bocor meureun. Emh, jadi ngenes. Mun deukeut mah kuring nu ngagugulung, mencètan. Panon karasa juuh.
“Ku naon, sayang? Enèng hèd? Nyeri teu, Nèng?”
“Nyeri, Mamah. Sanès hèd. Enèng tos tilu sasih teu hèd. Tadi eueut jajamu ti Apa. Mèh kaluar, isin bilih kabujeng ageung saurna. Getihna seueur pisan, Mah... Aww!" Tut..tut.. tut. Kirining deui.
“Halow, Nyai. Hampura Ema kakara bisa ngabèjaan ayeuna. Si Enèng, Nyai, geus tujuhna. Salaki Nyai dibangkol ku pulisi.”*
Lia Robby - kisuta.com


