Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Sajak

Bandung Dilingkung Gunung

Rabu, 3 Februari 2016

Bandung dilingkung gunung
gunung-gunung beton ngajarega
ngajul langit


Bandung dilingkung gunung
gunung-gunung gedong tingjelegir
mapaésan kota


Bandung dilingkung gunung
gunungna gunung managunung
dirarata traktor
Jleg:
pangwangunan jeung peradaban kota!
Simsalabim:
modérnisasi jeung wéstérnisasi!


Bandung dilingkung gunung
gunungna gunung beton jeung gedong-gedong
manggunung-gunung


Di mana paniisan urang?


Sukamukti, 2004


Rosyid E. Abby – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya