Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Mondok

Kamis, 18 Februari 2016

"MAMA kacida bungahna lamun Nyai daék mondok di pasantrén Mama, ngan omat aya aturan nu kudu diéstokeun pisan ku Nyai," nongtoréng kénéh cariosan Mama Haji Mansyur tilu taun ka tukang basa kuring mimiti datang ka pondok. Tuluy ngajéntrékeun kabéh aturan nu ku kuring wajib diturut lamun kuring bener hayang cicing di dieu.
Kalan-kalan mah sok sedih, nempo babaturan nu lian, suka seuri gogonjakan jeung pada-pada maranéhanana, da ari kuring mah teu meunang gaul. Ukur bisa nyérangkeun hungkul.
"Kudu bisa nempatkeun diri dina tempat urang séwang-séwangan, Nyai," kitu pan sur Mama Haji gé. Nya kudu nurut ari hayang kénéh mondok mah.
Tilu taun kuring ayem tentrem di ieu pasantrén, hanjakal saprak datang santri anyar, kabéh jadi nolak kuring aya di dieu. Careurik. Ngaradep ka Mama Haji. Ménta sangkan kuring diusir.
Kuring dipanggil ku Mama Haji. Geus pasrah. Pasti diusir ti pondok.
"Nyai. Ka dieu. Urang ngawangkong jeung Mama. Kumaha betah di kobong téh?" cenah.
Ukur bisa unggeuk bari tungkul. Ajrih pisan atuda. Éra.
"Nyai nyaho pan naon sababna ku Mama digeroan?"
Unggeuk deui.
"Rék kumaha atuh ketak Nyai ayeuna?"
Gideug.
"Heeh. Lain Mama teu karunya ka Nyai. Ngan terus terang waé santri nu lian sarieuneun ku Nyai. Baheula mah maranéhanana teu nyahoeun sakamar jeung Nyai. Tapi santri anyar mah, Néng Tineu, boga kaistiméwaan. Bisa nempo ka Nyai. Jadi wé batur nyarahoeun. Ayeuna mah wayahna wé Nyai kudu pindah ti kobong. Cicing wé di loténg nya. Ngaji teu kudu bareng jeung batur. Sok sing betah."
Longsong geus nampa putusan mah. Keun baé disumputkeun gé, asal ulah diusir. Enya ngarumasakeun, diri béda ti batur. Maranéhana mah jelema, ari kuring mah pan jin.*

Lia Robby - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya