Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Suhadma Nyeri Huntu

Jumat, 19 Februari 2016

GEUS opat poé, pipi Suhadma bareuh bukekeng. Nyeri huntu balukar nyésélkeun. Bororaah ka bisa nyapék. Seuri ogé dipahing. Pantes, jamomom bari jamotrot.
Isuk-isuk moyan sisi jalan. Lar Nini Unah ngaliwat. Nyuhun nyiru eusi dagangan. Tiung randutdut. Baju kaméja gabrig semet bujur. Ka handapna maké calana léjing. Atuh sukuna nu pacér , blég baé gagang sapu injuk.
Nénjo papatutan nini-nini kitu, Suhadma hayang ngabarakatak seuri. Poho kana kanyeri. Barang waw, langsung ngajengkang. Nyangkéré bari aduh-aduhan. Samping nyingklak. Mangkaning teu dikolor.
“Ku nanahaon, Hadma ?” Nini Unah ngalieuk héran. Hég uman-imen. Gumeulis didituna mah. ”Kari-kari aing ngaliwat, sia nangkarak...Taya kaéra, beurang-beurang kieu jeung sisi jalan deuih.”*

Usep Romli Abdul Hamid - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya