Sastra & Humor
Sajak
Jurdin Du Luxembourg
Selasa, 23 Februari 2016
naon makna simpé pikeun kuring
jeung anjeun, wanoja nu rambutna pirang
ngarumbay, nu leumpang ngagidig ka tonggoh
mangku anjing jalu kawas nangkeup orok?
lebah régang-régang tangkal nu hideung
nu taya daunan; salosin manuk gagak camani
eunteup di dinya. Harita jarum jam maju ka magrib
dipirig girimis jeung hiuk angin usum tiris.
di béh dituna aya ogé japati laut sajodo
ngojayan balong nu méh beku
jiga gumpalan és dina jero kulkas.
wanoja, naon makna simpé pikeun anjeun
seug hirup nyorangan ukur dibaturan
ku anjing jalu? Langit sarupa cai isikan béas
1999
Soni Farid Maulana - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


