Senin, 4 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Dukun

Selasa, 23 Februari 2016

RAS jadi inget deui kajadian tahun kamari. Basa Kang Yondi datang ka imah kontrakan jeung Téh Ineu, pamajikanana. Kang Yondi nyarita yén yakin kuring boga élmu nu linuwih. Harita kuring ngan seuri, komo basa dipénta pangnyaréatankeun ku jalan ngamandian, sugan jeung sugan bisa buru-buru boga anak. Satadina mah teu ieuh dienyakeun, kuring gé ukur ngahéhéh, kajaba komo dianggap dukun. Ngan beuki remen pisan ngomongkeun éta téh, Teu ieuh dienyakeun atawa nolak.
"Akang percanten ayi tiasa nulungan," ceuk Kang Yondi harita.
"Kembangna tos sayogi, bilih kagok, Akang ngantosan di warung kopi," pokna bari ngasongkeun kantong kérésék tuluy ngaléos bari nepak taktak kuring.
Paduduaan jeung Téh Ineu di kamar mandi, teu kungsi kaimpi-impikeun acan, Ari keur natamu, osok éta gé maling neuteup ka Téh Ineu téh.
Ari ieu, kuring bisa anteng neuteup leleb. Awakna nu ukur dibulen ku samping semet dada. panonna peureum. Buukna nu panjang ikel ngarumbay, ragrag na taktak. Kadéngé pisan sora rénghap ranjugna, atawa boa nu kuring. Paudag-udag. Komo basa mimiti ngaguyurkeun cikembang kana embun-embunana, maseuhan buukna, kembang nu nyarangsang dina taktakna, nepi ka basa leungeuna laju nyingraikeun buukna, sampingna leupas, ragrag, tuluy ngalumpuruk, ngagunduk. Téh Ineu teu reuwas atawa kumaha, kalah tuluy neuteup kuring bari panon nu semu alum. Kuring teu walakaya, natra pisan haroshos basa Teh Ineu tuluy ngalaanan baju kuring nu milu baseuh. Jibrug, sagalana.
Dina panganggeusanana, kuring ngaharéwos, "Teh ngibakanana mah geuning teu cios?" semu ngaheureuyan.
Teh Ineu ukur imut, bari nyiwit leutik.
Poé ieu, kuring diondang walimahan Akikah, kuring paadu teuteup jeung orokna. Halisna ngajepat hideung, persis jiga nu kuring.*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya