Senin, 4 Mei 2026
Sastra & Humor
Sajak

Jemplang Simpé

Kamis, 25 Februari 2016

"ké, dupi salira téh saha. Ti mana téa?"
angin janari lantip ngahiliwir ti régang ka régang
tatangkalan, napsir ketug jantung. Jantung kuring
nu dumadak ratug saharita. Cahaya lilin kakalicesan
di juru amparan sajadah. Lapat-lapat karungu hiji sora
jiga nu keur talkin di jero dada. Di jero dada!

1997

Soni Farid Maulana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya