Ngontrog
DINA Smsna. Karsih ngabéjaan, ayeuna, salaki keur otél jeung Si Odah di warungna. Meg. Angen asa ditonjok. Bangkawarah! Nyaan culangung randa centil téh. Lain kadua mulangtamba geus dibéré injeum modal warungna téh, ieu mah kalah... Hiih, jeung Si Gejulna deui leumpeuh yuni, teu kaop neuleu pipi nu leucir. Jiga nu narangtang hayang diontrog ku aing meureun. Na teu apal aing téh béntangna lembur ieu keur can reuay budak mah. Jamedud. Sup ka kamer. Muka lomari. Porosot. Anderok jeung blus diganti calana jin jeung kaos oblong. Na ijiran méh teu karagok galunganna. Ceg kana sisir. Ngeunteung. Iih! Geuning beungeut téh sepa, kebi jeung buuk ruwag-rewig teu mantes. Ngahuleng. Paingan, Si Gejul téh geus lila tara uha-éhé ngerewih ka aing mun rék héés. Gejlig, ngincid ninggalkeun imah. Clak kana ojég. "Ka mana, Ceu?" Si Sartis sobat salaki nanya bangun nu reuwas. "Ka Salon!" Baeud...*
Kang Ismaya - kisuta.com


