Sastra & Humor
Sajak
Angen-angen
Sabtu, 27 Februari 2016
ieu angen-angen, Kaulanun
(pirang kahayang nu méngpar tina ugeran langit,
nu reuteum ngarait dina unggal dahan impian
nu parentul luhureun palalangon rasa)
bet mingkin ngabebela geuning.
Ngagarang keyembeng karumasa na kongkolak panon.
Ngaduruk surat-surat Anjeun nu pating kurunyung unggal janari : teu kungsi kabaca.
Ngajaulkeun silalatu katugenah
Nilemkeun beungeut wanci dina méméhong pikir.
Ieu angen-angen, Kaulanun,
bet mingkin maceuh waé geuning.
Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


