Hujan nu Asih
GEUS deuk sabregbregeun, tapi ditahan. Hayang rada beurang saeutik, jeung rada ngalér deuih. Padahal sakuduna mah turun téh isuk-isuk beulah kidul. Luyu cék BMG. Rét ka kalér. Jalan aspal ngembat panjang. Kandaraan balawiri. Panénjo euntreup kana motor nu nyemprung ngalér. Panumpangna manusa sapasang, awéwé jeung lalaki. Terus dituturkeun bari maralakkeun awak saeutik. “Pras pris,” kadéngé sora lalakina. Awéwéna témbong beuki tipepereket nangkeup ti tukang. Motor tarik. Kuring usik. Teu kungsi lila reg, motor ngarandeg. Jrut duanana turun, muru tempat nu suni. Gabrug, duanana silih rangkul bangun sono. Di dieu sigana kudu turun téh. Breg, awak dipuragkeun kabéh. Lain paralak deui, tapi gebrét. Nu silih tangkeup kalah beuki pogot. Hawar-hawar kadéngé lalakina nyarita, “Hujan nu asih.” Ditémbal ku awéwéna, “Romantis,” bari haroshos. Lila pisan maranéhna papuket. Kuring asa ngarasa dosa. Da sugan téh moal pikitueun. Nu matak jegér wéh, gelap dibentarkeun, harus naker. Tapi rada jauh ti maranéhna. Kakara rangkulanana lalésotan.*
El Hijar - kisuta.com


