Senin, 4 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nyandu Nyandung

Minggu, 28 Februari 2016

BOGA dua téh euweuh nu sahijieun. Nu itu nya kukituna. Nu éta nyaéta téa. Sakalieun hayang: nu itu murukusunu, nu éta kalah ngadilak.
“Sanés tos wareg di ditu?” Ceuk nu itu, indung Si Bungsu, murukusunu.
“Emangnya belum kenyang di sana?” Ceuk nu éta, indung Si Cikal, rada nyentak.
Duh! Hirup asa linu. Sagala karasa lapar. Hanaang semet ngahérang. Bingung nu teu manggih tungtung, susah taya papadana. Ngadua bet alahbatan nu ngaduda.
Kolébat Aki Jenat. Nyéréngéh waosna tujuh. “Taktagé nurut kana papatah kolot. Ceuk Aki gé opat!”
Bray…dunya nyaangan. Gilig! Bulan Syawal rék nyikalan. Elatna, Rayagung Ngabungsuan.*

Abu Ainun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya