Néang Sugan
WANCI geus rék tengah peuting. Neuteup Si Cikal reujeung adi-adina nu geus talibra. Rét ka kénca. Ka pamajikan nu keur mautan Lisa tina buukna. "Kagungan ideu, teu? Aya lomba ngarang. Hadiahna tiasa dianggo kanggo boboran."
Pamajikan ngeureunkeun mautanana. Melong ka kuring bari nyarita, "Naon, nya Kang? Apan Akang nu sok nyerat mah. Sok atuh geura impleng. Pami kénging, hadiahna tiasa dianggo mayar ka Mang Amat."
Ngadon nambah liwung. Asa hayang ngusapan sirah pamajikan. Belasan taun dibawa balangsak. Tara ngarasula.
"Émut tadi siang, Kang. Si Cikal uih sakola ujug-ujug nyegruk na lahunan. Pajarkeun téh diléléwé ku réréncangan sakelasna, pédah tréning olahragana tos ngatung pisan."
Bari ngarénghap panjang, kuring mairan, "Matak gé du'akeun ku Nyai...Akang sing gaduh ideu kanggo nyerat. Sugan wé Si Cikal kabagéan milikna."*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


