Ngeunaan Ngorong
KISUTA.com - Keur sawatara jelma, ngobrolkeun ngeunaan ngorong téh kaasup hal anu matak pikageuleuheun. Padahal, numutkeun panalungtikan, hampir 90% jelma nu boga
irung, kungsi atawa mindeng ngalaman ngorong, jeung lolobana mah ngorong téh dina liang irung soranganana, da can aya kacaritakeun yén aya jelma nu osok mangorongkeun batur. Can aya deuih salon nu hususon ngabersihan liang irung.
Tong boro cacah, sanajan ménak, pajabat atawa presidén, ngorong mah nya ilaharna dilakonan ku sorangan. Jadi, ngorong téh sipatna pribadi pisan. Teu salah, mun aya nu boga pamadegan yén nyaritakeun ngeunaan ngorong téh, sarua jeung ngobrolkeun hal anu tabu, teu sopan atawa jorok.
Sakapeung, mun keur nyalsé, boh keur ngahuleng, keur rapat, keur pépésbukan, keur lalajo tipi, dina angkot atawa keur nangtung dina karéta, tanpa sadar urang sok ngorong bari jeung enggeusna sok riweuh sorangan, luak lieuk bisi aya nu nempokeun. Komo mun euweuh tempat keur ngalodétkeunana. Tungtungna mah sok dipuruntal purintil tuluy diaclengkeun.
Sanajan ngorong ngarupakeun hal anu ngaganggu pikeun nu nempo, tapi nepi ka kiwari, can kadéngé di nagara mana ogé aya aturan ngeunaan ngorong. Jadi, masih kénéh ngarupakeun kabébasan pribadi. Di Lobby hotél paling méwah, di bandara, di toko buku atawa di tempat umum séjénna, can kungsi ieuh manggihan rambu-rambu atawa tanda larangan ngorong.
Korong téh, hiji hasil proses kimia, nyampurna kokotor hawa nu disaring ku bulu irung jeung lendir nu maseuhan liang irung. Kaangin-angin, tuluy garing. Nu garing mah, gampang pisan ngabersihanana, miceunna gé ukur dipurulukkeun. Bisa ka sambarang tempat, diawurkeun ka jalan atawa diawurkeun kana goréng sangu. Pék wé ari beuki mah!
Nu rada ripuh téh mun korongna baseuh jaba léngkét, salian ti hésé dikorobétna, dina beunangna gé kudu dilodétkeun. Tah perkara ngalodétkeun ka baju batur éta, nu pimatakeun jadi perkara hukum téh, sabab bisa dicangreud ku pasal "perbuatan tidak menyenangkan". Kukituna, ngorong téh satemenna kudu dipigawé saméméh indit ti imah.
Ditempo tina aspék kaséhatan, ngorong téh penting pisan. Mun irung meded ku korong bakal ngabalukarkeun hésé ambekan sabab liang irungna pepet. Kurangna asupan oksigén nu diperlukeun bakal mangaruhan gawé otak. Dipaké mikir moal maksimal, gawé moal balég, antukna mun mindeng kitu, bisa nimbulkeun rupa-rupa panyakit.
Kabersihan nyaéta sabagéan tina Iman. Ditempo tina katerangan éta, geus tangtu, yén ngorong téh bisa kaasup salah saratus bagian tina Iman. Sabab, ngorong téh ngabersihan liang irung. Dina ngalaksanakeun wudu gé liang irung téh kudu dikumbah, 3 kali tiap wudu, saeutikna 15 kali dibersihan tina kokotor nu narapel dina waktu sapoé. Bisa ogé leuwih, mun wuduna batal alatan hitut atawa tual-toél. (Mun hitut, kunaon nu dikumbahna lain bujur? soal éta ké urang bahas, mun salsé...)
Tapi aya deui panalungtikan, anu nyambungkeun ngorong jeung pasipatan jelma. Ayana ieu panalungtikeun téh salian ti nunjukkeun yén perkara ngorong téh ngarupakeun hal nu penting, bisa jadi kulantaran nu nalungtikna ogé euweuh pagawéan. Contona, diantarana:
Jalma nu resep beberesih: Tos ngorong langsung ngumbah panangan.
Jalma nu béréhan: Ikhlas rido mang-ngorongkeun batur.
Jalma nu belegug: Jalma nu teu nyaho kumaha carana ngorong.
Jalma nu sadis: Mun geus ngorong, disusutkeun ka batur.
Jalma nu cekatan: Mun ngorong teu kurang ti dua detik.
Jalma nu sarakah: Mun ngorong teu cukup ku hiji ramo.
Jalma nu perasa: Mun ngorong langsung dilétak.
Jalma nu sensual: Mun ngorong bari mendesah.
Jalma nu éraan: Mun ngorong lumpat heula néangan panyumputan.
Jalma nu kurang ajar: Mun ngorong, korongna diaclengkeun ka batur.
Jalma nu hémat: Mun ngorong, ngan saminggu sakali.
Jalma nu sopan: Mun rék ngorong permisi heula.
Jalma nu butuh perhatian: Mun ngorong bari gogorowokan.
Jalma nu atletis: Mun rék ngorong pemanasan heula.
Jalma nu bubudakeun: Mun ngorong, korongna diulinkeun.
Tina pedaran nu pikageuleuheun di luhur, hiji hal anu bisa dicokot hikmahna tina urusan ngorong, nyaéta:
“Mun irung urang meded alatan pinuh ku korong, tangtuna moal bisa nyirian bédana tarasi atawa oncom, moal nyadar kélék urang téh haseum atawa henteu, teu bisa ngabédakeun tai kotok atawa tai ucing.
Jadi, saméméh bisa ngabédakeun atawa nyirian hiji hal, komo nempo kagoréngan-kagoréngan nu nyampak, boh dina diri urang atawa batur, hayu urang pastikeun yén urang saméméhna ngabersihan heula rereged-rereged nu aya dina diri urang.“
Manawi sakitu anu kapihatur ngeunaan perkorongan ieu.***


