Senin, 4 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Rajah Cinta

Selasa, 1 Maret 2016

GEUS méh dua bulanna, éar pangeusi lembur. Teuing pari-polah saha, nu leukeun nerap-nerapkeun rajah bari jeung teu kasusud maksudna. Ceuk sawatara iber ti nu kawénéhan, maranéhna kungsi manggihan saurang musapir nu mamanggul gémbolan, rerencepan napel-napelkeun rajah na unggal lawang, méméh ngahiang teuing ka mana.
Nu matak ahéng, unggal imah nu katerapan ku éta rajah dumadak robah perbawa. Pinuh ku rasa kanyaah. Nu nyandung teu matak pundung, nu salingkuh teu matak geruh, sumawonna para jomblo, payu pada muru. Pleng. Tiis ceuli hérang mata, teu ieuh kadéngé nu ngadon paraséa. Sakabéhna léah tumarima. Éstu tingtrim tina sagala pacéngkadan cinta.
Ngan kiwari, rasa cinta na saban dada beuki rosa ngagolakna. Bangun nu teu kaampeuh, jikan salapan néang jejegna, salingkuh sapuluh néang welasna, jomblo musna taya nu nyésa. Saban jalma katarajang rasa hanaang. Guligah, nyiar jalan kamaliran pikeun séwang-séwang galura cintana.
Luhureun pasir, saurang musapir anteng nyérangkeun. Seuri ipis, ngageber-geberkeun salambar rajah timburu.*

Shohiba Nu'man - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya