Senin, 4 Mei 2026
Sastra & Humor
Sajak

Paris La Nuit

Selasa, 1 Maret 2016

di Brasserie Lipp bari ngaleguk anggur
kuring jangji panggih jeung Charles Baudelaire
tapi manéhna teu jebul-jebul.
sora manusa nu reang jiga soang, haseup bako,
tur imaji nu linghas kawas ajag: pabaliut di dinya.
peuting beuki kolot lir aki-aki nu ngabulen
awakna ku mantel warna hideung areng
ditotol bodas angin usum tiris.
sapanjang Saint-Germain
lampu-lampu baranang. Kecap jeung hariring
nu asing: narajang ceuli kuring. Cahaya bulan
jeung béntang digaléntoran halimun
léngkah dibarung léngkah karasa capé, naék-turun
tanjakan ajén-inajén nu nyungseb ku cucuk ajal.
sabab hirup ngamalir ka hilir
sabab bagja jeung cilaka ipis watesna
sakali deui kuring ngaleguk anggur, ngusir
hawa nu tiris, nu tiis alahbatan ngeukeup
wanoja taya birahi.
sakolébatan katénjo panto dunya nu lian: muka.
cahayana leuwih simpé batan rébuan lampu
nu ngempray sapanjang Saint-Germain
didinya manusa ngaliwat, ceuk anjeun
meuntas leuweung siloka.

1999


Soni Farid Maulana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya