Kalana
CAPÉ! Hayang reureuh, ngécagkeun bangbaluh. Bosen. Meredih, melas-melis. Teu diwaro!
Caméot. Ngahurun balung. Tekes, mongkrong, baju beureum, samping méga mendung. Tumerap!
“Montong ngalamun, sakeudeung deui pinton!” Sora cempréng Mang Sarji ngagéré ceuli. Gilig. Peuting ieu kudu dipungkas!
Gamelan manggung, ngalagu gonjing. Jungkiring. Kalana tandang! Ragamang kedok pulas beureum. Diimpleng sakedapan. Rap, napel. Minda rupa. Janggélék, waruga barangasan. Adeg-adeg capang ngumis, alung rawis. Mincid kebut sodér, ungkleuk kedok. Deungdeuleueun. Nu lalajo séah, kataji!
Waktuna nyarayuda. “Semet dieu, urang ngahiji. Aing, lain sia!” Gerendengna. Galasar, nyasar kedok, laju dibuka. Maskét! Teu beunang dionggét-onggét. Ugal-ugil, aduregeng. Kerejet! Jurungkunung. Tiwikrama. Gajleng luncat. Jolag-jolag muru nu lalajo. Ngaburak-barik, ngarampas, rarampid. Maksa mirusa. Tingjarerit! Paburisat!
“Raponan! Talikung! Cangkalak!” Mang Sarji, burial buncelik.
Kalana, nyakakak peura. Awor citangis, kasawur angin katiga. Les, ngiles dilegleg tungtung peuting.*
Nena Cunara - kisuta.com


