Pamajikan
"BENER ceuk batur, Dil. Rumahtangga téh asa dina naraka. Atuda gé pamajikan uing mah galak kacida. Teu kaop uing nyieun kasalahan saeutik , ih tuluy wé ngocoblak teu eureun-eureun bari gagaur siga maung kalaparan,” ceuk Mat Pélor ka Mat Gadil basa tepung di kariaan ngawinkeun anak Mat Beunteur.
“Leuheung manéh mah, Lor.” Walon Mat Gadil. “Déwék mah leuwih ripuh, sanajan teu nyieun kasalahan saeutik-eutik acan, naha da unggal waktu disentakan wé déwék mah ku pamajikan téh,” ceuk Mat Gadil kénéh.
“Ilaing anu leuheung mah, Dil. Sanajan boga pamajikan sok suntak-sentak , tapi da pamajikan ilaing mah geulis, méncrang, kayungyun, matak betah nu ningali. Ari pamajikan aing?” Ceuk Mat Pélor.
Pok, Mat Gadil ngomong, “Heueuh nya, Lor, pamajikan manéh mah jeding, sina operasi palastik kaditu, tuh loba kantong kérésék di jarian.”
Mat Pélor cengkat tina korsi, nyarita semu ambek. “Ilaing téh ngadon ngahina? Jeding-jeding ogé pamajikan aing, kéhéd!”*
Yusef Muldiyana - kisuta.com


