Senin, 4 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Surprise!

Sabtu, 5 Maret 2016

Surprise...!
Kasawang reuwas jeung atohna. Nyipta-nyipta nu bakal kalakonan salila ngeusi libur semésteran. Ti peuting ka peuting, isuk-isuk, atawa beurang mun can wareg kénéh. Nyacapkeun kasono, cinta jeung tresna, di kamar kostna.
Bobogohan ti keur SMA kénéh, nuluy nepi ka kuliah. Ngan hanjakal teu sakampus, béda daérah. Kuring di Jogja, manéhna di Bandung. Sarua gurat batu. Embung ngéléhan. Kapaksa LDR. Aya alusna. Bendungan cinta sasemester budal sakaligus. Teu kawas nu bobogohan unggal waktu.
Sanajan keur peré, teu kapikiran hayang balik ka imah, nu kosong molongpong. Kanyaah kolot geus euweuh sésana keur kuring anakna. Geus béak keur ngawowoy salingkuhanana séwang-séwangan. Sabodo teuing!
Ti bandara ngahaja naék taksi ka kostanana. Hayang angger seungit, ambéh ditangkeup, dicium ku manéhanana teu karagok. Konci kostanana boga sorangan, ngahaja ngaduplikat. Pan, kostanana gé kuring nu milihna jeung nu mayarna.
Cetrék, kulutrak!
Nu keur guley ngaroréjat. Rikat kana Mandau hiasan témbok.
Gelenceng-gelenceng! Dua sirah ngagulutuk.*

Emalia Ilyas - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya