Naék Angkot
BALIK nganjang ti babaturan nu cicing tukangeun sakola, nungguan angkot. Lila pisan angkot téh, mangkaning geus beurang, hayang buru tepi ka sarakan. Cangkeul ngadagoanana gé. Bareng jeung hiji awéwé, tapi teu patanya. Napsi-napsi wé. Itu mah jongjon nyoo hapé. Jiga nu kesel. Da enya kesel kuring ogé. Lila atuda. Tungtungna jol angkotna, pinuh, kari dua urangeun deui. Cat, gék gigireun awéwé nu tadi.
Kesel, batur rusuh téh hayoh ngetem deui, ngetem deui, komo sanggeus mimiti tarurun mah. Aya nu naék, kakara maju. Jaba meni ngeyeted deuih. Ih, meni hayang ngajorowok,” Tarik, Mang.” Nurutan nu dina tipi.
Akhirna nepi ogé ka palebah imah. “Kiri,” cekéng téh. Rada tarik, da gararandéng ku barudak awéwé nu meujeuhna carentil, patémpas-témpas jeung pada baturna. Tonggoy supir téh. Teu kadengeun meureun.
“Kiriii,” leuwih tarik ti tadi. Reg.. Rada hésé turun téh, kahalangan ku nu mawa jingjingan deukeut lawang. Kaburu ngalieuk supir téh, baruk nu kesel.
“Bade moal lungsur téh, “ cenah. Batur gararideug, ari kuring mah unggeuk meni teleb. Tapi kalah digas mobilna. Hayoh wé batur aya nu kiri-kirian gé mengpeng. Ih, kasebelan pisan.
Untung tungtungna mah eureun lebah sasak. Nu tadi kiri-kirian rada baeud. Jadi jauh meureun. Kudu leumpang deui. Nya komo deui kuring leuwih jauh. Tapi atoh ogé jadi bisa ngiluan turun.. Baé, rék nyimpang heula ka babaturan, kabeneran aya nu cicing di lebah dinya. Pas turun kadéngé supir nyarita ka panumpang di gigireunana.
“Tos tilu kali abdi mah kajantenan sapertos kitu téh. Angger lebah dinya, angger sora istri. Iiiy,” cenah bari ngabirigidig. Teuing ah, kuring mah teu ngarti.*
Lia Robby - kisuta.com


