Sastra & Humor
Fikmin
Puseur Talaga
Senin, 7 Maret 2016
SUKMA uing ngalayang dina talaga. Léah pasrah dina tiisna. Ngahening tingtrim sanggeus ngagurinjal dina gulidagna. “Mangréwu taun manéhna namperkeun réwuan jiwa nu ngamoksa. Néang kabajgaan sajati. Mulang ka pangreureuhan nu maneuh.” Ayeuna uing rék mulang. Ngangkang di tengah talaga. Neuteup langit. Bruh-bréh gambar kulawu narémbongan. Dina rangkulan cai canembrang hérang, uing mébérkeun leungeun. Ngabagéakeun jiwa nu geus karancang direcah kahirupan. Laun-laun uing tilem, muru ka puseur talaga…*
Ratna Dewi Damayanti - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


