Senin, 4 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Dayang Sumbi

Kamis, 10 Maret 2016

ENYA gé keuheul jeung ambek, ka ngaran anak sorangan, teu weléh aya rasa kamelang. Bisi manéhna meunang mamala, katalangsara di pangumbaraan. Bubuhan, baheula, basa manéhna miang ninggalkeun lembur, indit téh ukur mawa kapeurih, ditundung ku nu jadi indung. Ninggalkeun sarung nu ngalumbruk di luhur saung.
Kabéh leuwi geus diteuleuman, sakur gunung geus dianjangan. Malah kungsi lila ngadadago di Minahasa, da pajar manéhna remen lunta ka lebah dinya, karah capé sorangan, nangtung mangratus-ratus taun, nu ditungguan teu jol baé. Pon kitu deui basa diudag ka Mindanao, da cenah aya nu ningali manéhna ngahuma di Gunung Apo, ukur ruruntuk nu timu, saung rubuh jeung lebu sésa nu ngadurukan. Apung-apungan ti Milan ka Dubai, ngajanteng di lawang palabuhan Jedah, tetelepék ka tiap jalma nu karék mulang ti Mekah, sugan maranéhna panggih di juru ka’bah, kabéh pada ngabigeu. Sangkuriang taya laratan.*

Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya