Selasa, 1 September 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Semar Triwikrama

Jumat, 11 Maret 2016

JAGAT inggeung. Gѐnjlong. Srangѐngѐ dumadakan alum. Ra’yat Amarta tagiwur. Keueung. Paburencay. Rѐwuan panon, menrong ka lebah kampung Tumaritis. Aya wujud hideung, ngajungkiring, mapakan langit. Cenah, Semar ngamuk. Alatan bosen, dicangkemos mangsa. Idek liher, lain palid ku cikiih. Pupuhu nagri ngajorag. Samiaji, ngalimba, katiruk hatѐna. Bima ngagerung, kukuna hileudeun. Arjuna nyuksruk, bangun ѐra ,kebek rumasa. Kresna, ngajingjing cakra. Leungeunna, jiga anu kaseureud. Cakra dibabѐtkeun. Laju ngedeprek. “Sok.., rѐk kumaha, lamun geus kitu..?” Ceuk hiji sora, ngageleger, handaruan. “Jasa Semar, hamo kabayar, digantian ku Nagara Amarta ogѐ." Cѐpot, Dawala, Garѐng. Nyenghѐl, na bujur bapana. Pating kecewis. Barang keur kitu, Sutiaragѐn datang, rungah-ringeuh, bari ngѐlѐk nyiru tas ngider. Dagang gorѐngan. Laju,nubruk suku nu jadi salaki. Ngocѐak. Nu triwikrama, lir balon dikempѐsan.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya