Sastra & Humor
Fikmin
Basa Uing Andiprek
Sabtu, 12 Maret 2016
UING andiprek di dieu, handapeun kokocoran cai. Sanggeus manéhna ngajéngkat bari ngabanting panto, ngaburakeun sakabéh napsu iblisna. Uing niis bari ngararasakeun caahna cai dina sirah. Nyimbeuhan haté nu ngagugudag ku amarah. Uing andiprek, handapeun cai nu terus ngocor. Beuki lila cai ngocor beuki gedé, ngagulidag. Umpal-umpalan. Ngagusur awak nu geus raca pinuh ku tatu. Uing ngangkleung dina umpalan, tepi ka muara. Datang ka sagara. Digulung ombak nu tingjelegur neumbragan karang. Uing beuki rosa dibuntang-banting. Leungeun ombak ngabenyéng awak nu geus rangsak. Dijungjungkeun ka luhur. Luhur pisan. Laju ditinggangkeun…gejrét! Pejét dina huntu karang nu sareukeut.*
Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


