Senin, 4 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Jagat Ngumaha

Minggu, 13 Maret 2016

BUMI teu weléh baseuh, rembes, banjir, ngagulidag teu kaampeuh. Bumi manik balilihan, saban mangsa. Beuki dieu beuki eurih-euriheun, jadi hujan. Balukarna tonggong taneuh beueus, mandi caah di mana-mana.
Aya nu nembus bumi, noong kaayaan sabenerna di dasaring jagat. Kasampak, para layon nu ngababatang mahlawan dunya. Nu baheula luut-léét késang merjuangkeun kagenah hirup anak-incuna, keur careurik. “Rajah kula rajah pamunah, munah kayu munah batu, munah bayu munah banyu, munah ka kersaning Dumampara...” ukur didawamkeun ku bangus nu papanggungan. Teu jadi jampé haté para manusa. Bumi nu ngeueum pakaya jagat, teu bisa ngabeungharkeun hirup nu nyicinganana, sab teu diropéa kalawan daria. Balukarna nérékél harga saban mangsa, aparat haliwu parebut jatah. Korupsi mahabu. Jaman ka jaman lain beuki hadé. Ordeu ieu nyalahkeun ordéu saméméhna, kitu jeung kitu. “Emh... kumaha Juragan Bapa Pangwangunan...” Abah Kuncén hadorotan. “Hampura lur, kula geus tingtrim di Giri Bangun.” Simpé dina geunjleungna jagat.*

Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya