Senin, 4 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Caesar

Senin, 14 Maret 2016

KANDUNGAN Rachel geus bulan alaeun. Beuteung mendeyang, leumpang ngagégag, enggah-enggéh, matak watir ningalina. Ceuk dokter, kembar. HPLna ahir bulan ieu. Si Bungsu, Djajat, gawéna élékésékéng. Ma’lum Rachel ngandung anak munggaran.
Ti isuk kénéh geus peperenyitan. Mulesna reuhreuy. Bulak-balik ka kamar mandi. Ayeuna keur ngajolopong. Jadi milu teu puguh rasa. Lalaunan disampeurkeun. Tonggong jeung beuteungna diusapan. Manéhna cengkat, laju ngarangkul, nyusup ‘na harigu. Aya nu ngamalir tina panonna nu bulao. “Sing kuat, bageur!” ngan ukur mencrong. Teu kanyahoan, curulung cacai kaluar tina palawangan. Disusul getih ngalémbéréh.
“Djat, téang dokter Astri! Jigana rék ngalahirkeun.” Tatangga dokter Astri téh. Kurutak. Getapan, gemet mariksa.
“Kedah dicaesar ieu mah, cikakawahna tos mecah, jabi sungsang, hawatos. Urang ka kilinik ayeuna!”
“Wilujeng. Tos lahir, kembar opat!” Plong. Ngintip tina jandela kamar, Rachel can sadar, orokna roroésan. Lalucu! Dua ngala ka indung, Calico tulén. Dua deui ngala ka bapa, Peak Nose. Namblég, si Billy Demek.*

Nena Cunara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya