Senin, 4 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lain Preman Pangsiun

Senin, 14 Maret 2016

"MANA siah setoran. Lamun hayang terus dagang di dieu, kudu lancar setoranana," bari ditongtak kerah aki-aki tukang sendal téh, digeubig-geubig nepi ka ngabangkieung.
"Ampun, Jang. Aki teh can meumeunangan poé ayeuna mah. Ké soré nya, Jang,"témbal si Aki meni ngalengis. Leungeunna ngusap-ngusap tuurna nu tidagor kana témbok.
"Sangeunahna ngatur siah. Dasar aki-aki lebokeun tétélo. Ayeuna. Lamun teu méré rasakeun siah. Lain tuur manéh waé nu tidagor. Tapi hulu manéh ku urang didagorkeun kana témbok."
Si Aki ngodok sakuna. Sor lima rébu. Duit nu kari sakitu-kituna téh kapaksa dibikeun.
Kuring ngan ukur nempokeun. Lain teu hayang nulungan. Ngan teu bisa.
Lain sakali dua kali ngabandungan kalakuan manéhna jiga kitu téh. Hanjakal wé.
"Judi laaagiii..aaahh..." manéhna cocorowokan ngahaleuang, leumpang dadaligdeugan, leungeun sabeulah nyekék sabotol Intisari.
"Mau ke mana Néng Geulis,"cenah ka hiji awéwé nu karék balik sip malam ti pabrik.
Si Geulis teu ngawalon, buru-buru nyingkir, sieuneun. Diudag, ditéwak, digunasika. Deui-deui kuring ngan ukur bisa ngageremet nyaksianana.
Tapi basa manéhna rék nandasa indungna waktu ménta surat tanah keur mayar hutang judi mah, kuring geus teu bisa cicing deui. Dadak sakala kuring nu asalna teu walakaya, ukur bisa ngingilu bari ditincakan ku manehna, ujug-ujug bisa nangtung ngabelegedeg hareupeun manehna.
"Saha manéh?" cenah bari undur-unduran, soak nempo kuring ngabedega hareupeun manéhna. Ngahalangan antara manéhna jeung indungna nu geus teu bisa kukumaha.
Saha nu rék teu soak meureun, nempo kalangkang sorangan ujug-ujug misah terus ngawujud hareupeun, komo deui barang nempo kolébatna péso nu dicekel ku kuring mah.
Teu kudu héran lamun isukan aya berita dina koran:"Kematian Misterius Préman. Pelaku Penusukan Belum Diketahui."*

Lia Robby - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya