Senin, 4 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Té Ka Wé

Kamis, 17 Maret 2016

DUA minggu mati geni. Icih diceuceuh lahir-batin. Beurang peuting ngawirid. "Entong léléda. Keyengkeun kahayang. Ema jeung Abah ngadu'akeun!" indungna nyarita. Leuleus teu dirasa. Awak lungsé teu jadi halangan. Ngagedur kahayang nyugemakeun kolot.
Paroman Icih jadi leuwih geulis. Awakna gamuleng. Nyari sagalana. Cahaya gaib mageran dirina. "Ayeuna mah moal melang teuing. Sing jongjon gawé di ditu, Geulis!" ceuk indungna waktu ngajurung. Opat bulan mulus banglus. Ninggang bulan kalima, dunungan lalaki maksa mirusa. Akibatna, Icih unggah balé watangan sabab kabuktian maéhan.
Sabérésna sidang, Icih digiring ka tempat éksékusi. Algojo geus nyiapkeun pedang nu kacida seukeutna. Manéhna tungkul. Émok cabok. Maca jampé dina jero haté. Éksékusi dilaksanakeun kalayan mulus. Huluna ngagelenceng.
Istighfar sakur nu aya di dinya. Nu nigas kapiuhan. Dokter olohok. Icih hudang deui. Taya tapak nanaon dina beuheungna.*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya