Sastra & Humor
Sajak
Haleuang Pamayang
Jumat, 18 Maret 2016
cenah di dieu panonoban nyi roro kidul
tapi pamayang teu sieun ngawelah parahu, duh
siliudag jeung ombak, néang pilampaheun geusan balabuh
cenah di dieu panonoban paratangkulak
tapi pamayang teu kapok-kapok ngijonkeun pangalana
masang harega nu dibayar teu sabaraha
cenah di dieu pamayang tihothat gulet jeung ombak pating suruwuk
tapi pirang-pirang papaés kahirupan teu ieuh jadi bangbaluh, duh
teu ieuh jadi bangbaluh
Palabuanratu, 1990
Rosyid E. Abby – kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


