Senin, 4 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nunggelis

Jumat, 18 Maret 2016

BUDAK awéwé neuteup indungna nu keur dangdan. Maké wedak maké lipen setip, rap cindung luhureun mastakana. Geulis Ema téh, gerentes haténa.
”Ma, badé ka pangaosan deui?” Manéhna nanya.
“Enya” témbal indungna pondok.
“Meni unggal dinten pangaosan téh” sorana rada ngalengis.
“Nya heueuh unggal poé atuh da béda-béda masjid. Apan tolabul ilmi!” Indungna cengkat bari ngajéwang kantong.
Budak awéwé ngahuleng, keuleuyeung nyampeurkeun ka kamer lanceukna.Téh Tini jeung Téh Ros keur uplek ngobrol bari tingcikikik tingkuciwes. Duana keur mangkat rumaja, umur ngan géséh dua taun jadi siga sababad. Mireng budak awéwé asup ka kamar Téh Ros cengkat,
“Hayu Téh, urang ayeuna wé meungpeung Ema tos angkat”. omongna.
“Enya, hayu” Téh Tini milu cengkat. Duanana singkil duka rék kamarana.
“Téh, ngiring?” Budak awéwé neuteup ka dua lanceukna.
“Ngiring kamana?” Téh Ros nyengor bari ngadilak. Léos duanana arindit. Budak awéwé diuk sorangan di tengah imah nu ublug-ablag. simpé. Jempling. Hing…budak awéwé ceurik.*

Aam Amarullah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya