Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Haratis
Minggu, 20 Maret 2016
HEUHEUJEUN. Teu bisa cer. Jumerit nahan kanyeri. Sasambatna, "Gusti, sawios sangsara abdi mah, asal séhat deui!"
Pamajikanana, ngupahan. Narékahan tatamba. Teu kapalang, ngabelesat dibawa ka rumah sakit nagri deungeun. Ku Kersana. Séhat deui. Tapi, tutas mayar waragadna. Manéhna, bati sumegruk bangun nu kanyenyerian. "Har, na kalah ceurik. Hanjelu kitu ku mahal waragad rumah sakitna, Lur?" cék dokter sepesialisna, teureuh Bantarujeg. Nu geus lawas bumén-bumén di ditu. "Ih, lain alatan éta. Dékah mah keur nyeungceurikan nimatna kiih, paparin ti Gusti. Geuning salila ieu téh haratis nya, Lur!"*
Kang IsMaya - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


