Sastra & Humor
Sajak
Hariweusweus Leuweung Pines
Senin, 21 Maret 2016
Ngan hégak anginna
jeung gumeter daun pines
di bubulak: asa hariringna
ngoléang ka jempling lamping
Ari gumuruhna teuing kumaneuh
merenahkeun manéh
dina hiji-dua kulisik
jeung kosrak sora saséor deui
Ngan hégak sorangan
jeung gumeter kalangkangna
dina kongkolak :enya hariringna
nguniang tina lamunan
Hégarmanah, 2013
Arom Hidayat - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


