Senin, 4 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Istri Pinilih

Selasa, 22 Maret 2016

ANTENG, mencrong awak sabeuleugeunjeur, dina eunteung. Témbong waruga lalayu sekar. Keureutan geulisna nyésa kénéh. Ringkang lawas ngaléngléong ‘na puntiran pirang-pirang jaring pamayang. Ramo-ramona hideng nyasar pipi, beuheung, turun ka na harigu. Beuki sidik. Jamparing wanci ngabelesat nuguran harepan, kakalincesan katiup angin.
“Geus euweuh pupurieunana, geuning. Naha bet keukeuh mihéman?” Gumerendeng.
Teu kahaja panggih deui, di bandara. Ti dinya nyangreud subaya. Pajarkeun téh, “moal beunang disisilihan, sanajan geus umuran. Dyah istri pinilih!”
Ayeuna rék dirapalan. Élékésékéng, jiga ucing kaduruk buntut. Tina jandéla kaca. Rentang-rentang panganten lalaki, diabringkeun para ajudan. Kéwes gandes nyandang gandang.
Sérélék rérégan. Panto rékép. Lampu reyem-reyem. Seungit malati meleber.
Luhureun risbang. Duanana paheneng-heneng.
“Hampura, akang teu bisa nyugemakeun. Teu balaka ti anggalna. Katidaresa. Jadi korban panyiksa, di Afganistan.” Meuraykeun kasimpé.
“Moal kungsi kapaké!” Ngagerentes. Lung vaselin ka na wadah runtah. Peuting beuki cambéwék. Kapireng lagu, “I Love You This Much, awor jeung segrékna nu kérék.*

Nena Cunara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya