Senin, 4 Mei 2026
Sastra & Humor
Carpon

Cindung Pangirut

Selasa, 22 Maret 2016

WAWUH téh karék saliwatan. Asa samangsa paré barencing. Kurang ti dua bulanan pan. Ngan asa béda kana haté. Teu pira munggaranna mah diwanohkeun ku Rini babaturan kuring tina telepon. Cenah mojang rancunit tatangga imahna téh sholehah, cicingeun jeung masih nyuprih élmu di Paguron Luhur nyokot Fakultas Hukum. Ninggang kana babasan kolot ‘cageur-bageur-pinter’ téh saenyana pangaku sobat kuring. Panglayar mah di mamana ogé sok nganomerhijikeun nu dijangjaruhkeunana. Badis Sales/tukang obral téa. Alatan ku mindeng ngontak kana BBM. Tampolana sok teteleponan ogé jeung Lisma. Teu asa jeung jiga. Padahal can kungsi amprok jonghok.
Kajaba ti éta, da memang geulis lain pupulasan nu aranna Lisma téh. Pangakuna aran Lisma singketan tina geulis manis—LISMA. Mun seug maké cindung héjo, warna kameumeutna tangtu kabéh lalaki jigana matak neureuyan ciduh. Ramo leungeun laléncop. Panon cureuleuk. Irung bangir. Awak bodas. Raray ngadaun seureuh. Gado lir endog sapotong. Awak lenggik jiga papanting. Ih, da sajorélat mah jiga béntang filem Koréa nu katelah Song Ji Eun. Samalah sok ngébréhkeun photo teu maké tiung sagala ka kuring téh. Teuing pamér teuing sangkan leuwih bogoh. Katresna jeung birahi beuki ngagolak. Getih nyéak mun pareng nelpon manéhna. Sorana halimpu naker.
‘’Pap, tos emam teu acan?’’Ceuk tina jero telpon. Lisma sok ngalandi kuring téh ku Papih waé. Asa rebéh irung ngawang-ngawang dicalukan Papih.
‘’Teu acan. Hoyong dihuapan ku Lisma.’’Kuring ogoan.
‘’Ih, Papi mah bisa-bisa aja. Atuh mana pieun bisa. Nu matak enging tebih geura. Kadieu énggal uwih ka Ciamis.’’Walonna pagalo jeung Bahasa Indonesia. Nandakeun manéhna cicing di Ciamis Kota nu sok kateug mun ngobrol ku Basa Sunda asli téh.
‘’Har…Apan Papih mah nuju bubuara. Uwih matuh di lembur sok kaluman. Rék damel naon di lembur nu tos rupek? Hésé sagala.’’
‘’Iya ogé sih Pih. Bertahan aja di sana. Lisma siap kok nunggu Papih sampé kapan pun.’’
‘’Hehehe…Ah, nu leres?’’Cekéng téh.
‘’Iya atuh Pih.’’Manéhna ngotélan haté kuring.
Obrolan unggal poé nguntun kaasih nu beuki ngagedur. Komo cenah ceuk Rini, yén Lisma geus siap nikah. Moal ningali umur atawa status nu penting mah nyaah ka manéhna jeung kulawargana. Rini oge geus ngabéjérbéaskeun kasangtukang kuring nu geus rimbitan jeung reuay ku anak. Enya cenah teu nanaon da katresna mah tara nempo umur, status boh ninggang di cacah-ménak, pendidikan jeung sajabana. Ceuk kirata mah Cinta téh buta téa pan? Nu matak ngareugreugkeun mah, Lisma sok aktif dina kagiatan pangaosan ibu-ibu. Wah, bener-bener kuring katajina téh lain bobohongan. Asa hayang geura tepung lawung, nguntun tipung nambang béas di balé nyungcung.
Hiji mangsa, Lisma nyieun status dina Whatsapna 9th January is my birthday. Isuk-isuk kénéh kuring geus nelepon. Ngucapkeun pangdeudeul do’a supaya manéhna aya salalawasna dina kasalametan jeung karahayuan.
‘’Kadona hoyong naon Néng?’’Kuring mimiti kapancing.
‘’Pih, beliin aku Iphone 6 dong,’’ Lisma ngagariyeng.
‘’Waduh, sabarahaan kituh Néng harganya?’’Jajantung geus ratug.
‘’13 jutaan Pih.’’
‘’Mahal banget nya…..Engké wé ku Papih dipangmésérkeun di Batam. Di dieu mah langkung miring pangaosna, da sok seueur barang-barang ti Singapur.’’ Bari haté mah reuwas kareureuhnakeun.
‘’Ah, Papih mah teu nyaah ka Lisma nya?’’
‘’Is…..Nyarios téh sok kamana waé?’’
‘’Lisma mah hoyong ayeuna.’’
‘’Har? Meni kedah pok torolong geuning?Sabar atuh…Apan Papih belum gajihan,’’ceuk kuring.
‘’Papih nggak sayang Lisma.’’ Bari mareuman HP.
Kuring langsung nelpon deui sababaraha kali. Teu diangkat. Palangsiang murukusunu jigana Lisma téh. Handeueul ku ketak kuring. Tuluy ngawatshap.
‘’Néng, ku Aa artosna dikintun kana Western Union. Tiasa dicandak di Kantor pos. Nyuhunkeun photo KTP asli. Kanggo ngintun artos.’’
Dina waktu sapanyeupahan, kiriling whatsap ngagurudug kasada. KTP manéhna ngajeblag. Gagancangan indit ka Western Union. Ngusiwel ngaluarkeun duit dua juta. Duit dikirimkeun sapada harita. Slipna dikirimkeun kana whatsap Lisma. Kuring ngawartakeun yén duit geus ditransfer. Whatsap meunang sapoé sapeuting jeput mah ditempoan susuganan aya jawaban. Tina tandana mah geus céntang dua, ngandung harti geus kakirimkeun da. Ngan kunaon Lisma teu méré jawaban? Boa gering kituh atawa sibuk kuliah. Ah, teu goréng sangka ieuh. Meureun matak kitu ogé pakupis jeung kagiatanana nu pepek. Katambah ceuk Rini mah Lisma sok buburuh jadi resépsionis di hiji déler mobil di Tasik.

***
ISUKNA wanci panonpoé lingsir, kuring nelponan deui. Ngan hémeng. Telpon téh jiga nu embung diangkat. És-ém-és ogé leuwih ti lima kali teu dibales ti belah ditu. Whatsap ogé meni euweuh kelemeng-kelemengna acan. Ayeuna mah teu kakirim pesenna. Kiriling deui SMS asup kana inbox HP.
‘’Uang sebesar Rp.2000.000,- telah diambil oleh Lisma Riyanti. Anda bisa membatalkan pengiriman dengan mengirimkan pesan ke nomor ini.’’ Ceuk unina SMS.
Duit keur dicokot tayohna mah. Dina waktu sapanyaaban, kuring keyeng nelponan. Aya leuwih ti sapuluh kali mah. Pesen singket jiga nu diawurkeun dikirim leuwih ti 15 kali. Whatsap ogé kituh. Angger teu réngrot-réngrot. Lisma mumul malesan. Teg, aya katugenah. Palangsiang ieu awéwé téh usahana nipu batur ku jalan akon-akon daék dijadikeun pamajikan nu kadua. Haté mentegeg sagedé gunung. Mun panggih asa hayang nyarékan laklak dasar da. Ambek nyedek tanaga midek tungtungna. Jorojoy kaingetan. Nelpon si Rini sobat kuring mermanakeun aya naon geuning nepika euweuh kabar ti Lisma saenggeus ditransfer ku duit.
‘’Éta téh mamahna nuju katarajang ku jantung saurna mah. Nuju riweuh panginten di Rumah Sakit.’’ Rini ngalelemu kuring.
‘’Nya kuduna mah ngabales atuh kana SMS atawa telpon ti kuring.’’
‘’Muhun engké diwartoskeun.’’ Rini ngémbohan. ’’A, tuh aa mah sok lupa daratan ke aku….’’
‘’Har,,,?? Lupa daratan kumaha?’’Kuring kerung bari neueulkeun HP kana ceuli.
‘’Aa udah dikenalin sama si Lisma. Tolongin aku A.’’
‘’Kunaon kitu Téh?’’Ceuk kuring nu sok ngaÉtéhkeun waé.
‘’Warung nasi Étéh rék ditutup. Tos nunggak dua bulan.’’
‘’Terus?’’Kuring geus neruh kahayangna.
‘’Bantu Étéh lah. Rék nambut artos opat juta wé. Kanggo nombokan kontrakan dua juta sataun. Sésana keur nambihan modal. Mun dina minggon ieu teu dilunasan, Étéh rék diusir kunu gaduh bumi.’’Sora Rini ngalengis bangun ngagecek kuring.
‘’Étéh, ku Arga dikantun heula nya. Sakedap aya pamengan. Engké dikontak deui.’’ Kuring ngaréka alesan sangkan leupas tina pameredihna.
‘’Oh iya, mangga.’’Ceuk tina jero HP.
Geus aya tilu poé. Lisma lebeng. Euweuh kalangkang-kalangkangna acan. Nyel haté kuring asa nu ditotog ku halu. Boa-boa tukang tipu Lisma téh. Awéwé modus téa ceuk istilah nu mahabu kiwari mah. Nu sailon jeung Si Rini sobat kuring. Rék nyusul kamana, da kuring keur jauh ti lembur. Teu béak pikir, és-ém-és dibudalkeun kagok asong.
‘’Kunaon teu ngawaler SMS Papih? Padahal udah ditransfer? Bilang atuh jangan bikin deudeupeun…..’’
‘’Habis Papih mah pelit. Sorry Lisma gak mau jadi isteri Papih yang ke-dua. Minta Iphone aja nggak dikasih apalagi kalo minta rumah atau kendaraan.’’ Walerna tina és-ém-és.
‘’Goblog! Rék ngagarong sia mah tuda!’’ceuk SMS pamungkas kuring.
Nepika jorojoy satadina mah kuring hayang ngancam Lisma rék dijebloskeun ka Kantor Pulisi ku alatan kasus panipuan. Dipikir-pikir rék merkarakeun duit dua juta, paling kalahka béak waktu katut tanaga. Jeung meureun laporan kitu téh kudu make tiud deui. Kateuari-ari. Keun waé lah. Ieu meureun nu bakal jadi panyeprét kuring nu salila ieu kasamaran tingal nempo awéwé nu lindeuk japati, singhoréng tukang tipu. Cindung héjo ngan saukur pangirut. Mikat kuring nu polos kénéh kasirep ku garong kahot nu ngajénggélék jadi wanoja méncrang samodél Lisma.***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya