Senin, 4 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Cimata Bima

Selasa, 22 Maret 2016

WAYANG kalangkang ringkang. Pasosoré di hiji saung paniisan. Sisi taman karaton Pringgandani. Sang Ratu Arimbi keur cakah-cikih nyayogikeun katuangan.
Ngadago nu dipisono. Duméh arang langka tepang. Sakulawedet jadi pajabat. Lain ladang KKN. Éstu tina nyuprih peurih, dipercaya ku rahayatna. Geblig. Aya sora léngkah meni eundeur. Sang Ratu ngarénjag. Bima datang dipapag imut kareueut. Nu geulis dipangku digaléntoran. “Hampura. Akang tambélar,” pokna. “Teu sawios Pih, urang saling ma’lum waé, da sami kasengker ku tugas. Kapan nu kedah diutamikeun mah rahayat,” témbalna. Bima meureudeuy. Bari teu lésot ngarungrum. Geugeut. Barang keur kitu. Kapireng di awang-awang aya nu ngagerem. Ngadéhém. Koréjat. Méh bareng tanggah. Duanana kéom. “Emh, na ari manéh, Tot...! Sok, geuwat turun! Kamarana ari lanceuk manéh?” Can gé engab. Rieg bumi inggeung, pucunghul Antareja. Kucibek. Di tengah talaga gigireun taman aya nu ngucibek. Jakatawang ngagajleng ka darat. Tiluanana silih rangkul. Laju tingsolongkrong munjungan.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya