Tanda Asih
"Ieu," cenah bari song mikeun kembang eros beureum sagagang.
"Naon ieu téh, Dén?"cekéng bari kerung. Teu ngarti.
"Tanda asih kanggé Ceu Marni,"cenah. Kabayang kénéh bareureumna si Kasép téh. Laju lumpat ka kamarna. Bati olohok harita téh. Sumpah teu ngarti.
Dén Bobby téh anak dunungan hiji-hijina. Cicingeun. Gawé numpi di kamarna. Arang kaluar. Asalna awal kuring digawé di imahna mah judes. Tara nempo-nempo acan. Haré-haré kacida. Tapi beuki dieu beuki bageur. Karunya majarkeun téh pédah kuring mah SMP gé teu tamat kaburu dititah gawé ku Bapa.
Ka dieunakeun sok remen barang béré. Naon wé. Ibu ramana mah teu uningaeun, da sidik kacida sibukna. Langka pisan aya.
"Ceu, baturan lah, keueung,"cenah basa hujan gedé dordar gelap. Kuring nyaah ka dunungan téh. Asa ka lanceuk. Da saluhureun najan nyebut Euceu gé. Nya dibaturan sapeupeuting. Ngadéngékeun curhatanana. Watir. Enya gé sagala boga,tapi teu matak sugema.
Ti saprak harita jadi beuki kacida nyaahna. Susulumputan nalikeun asih duaan. Nepi ka kamari. Basa manéhna dijurungkeun indit ka Amérika ku dunungan.
"Ceu, Bobby akan selalu setia. Pulang dari Amerika kita nikah ya,"kabaca dina suratna. Nu dikeupeulkeun basa rék indit ka bandara.
Ayeuna dibuka deui. Bari nungguan karéta. Juuh ku cimata.
Tanda asih ti manéhna ayeuna dibawa balik ka lembur, karasa ngulisik dina jero beuteung. Ogé duit pesangon dua bulan gajih ti ibu ramana.*
Lia Robby - kisuta.com


