Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Asih nu Meulit

Jumat, 25 Maret 2016

WANCI sareupna. Sup, ka kamar. "Pilari abdi, Kang!" Nyumput tukangeun hordéng. Teu kapireng-pireng acan léngkah salaki. Lah, teu ditéang ning. Rumahuh. Ngusap beungeut. Nyah, beunta. Bréh, ngajenggléng jero karaton. Pigeulang aya nu metot. Nunutur léngkah lalaki nu maké salontréng bodas. Ngarandeg. Teuteupna niruk rasa. Ngagorowongan jajantung. Peurah asih nyaliara na saban lolongkrangna. Geugeut dina rangkulan. Golédag, nyacapkeun birahi. Awak inggeung, haroshos jeung hégakna ambekan. Mondok moék jeung manéhna, teuing sabaraha lila. "Andini...." sorana halon ngagentraan. "Kah," walon kuring. Langgéor nyampeurkeun manéhna. "Geulis, ratu na haté Akang," pokna. Ngok, kana tonggong leungeun. Manéhna meulitkeun geulang
bahar na pigeulang kuring. Teuleum na rangkulannana, kapidara.
"Istighfar, Andini!" Awak diréréyang tina tukangeun hordéng. Nguniang. "Kamana ngilesna?" Gerentes haté. "Milari naon?" Salaki tumanya. "Leungiteun. Tilu dinten Akang milarian," pokna. Gebeg! Geulang bahar! Kerung. Nyéh, imut. Galécok haté teu eureun nyambat manéhna.*

Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya