Bagong Kajajadén
JALMA salembur pating buriak. Aya nu mawa tuturus, mawa linggis, halu, bedil mimis, ketepél, aya ogé nu ngalugas bedog. Barudak éak-éakan. Badis jaman perang Kamerdékaan wé. Kolot budak pating beretek lalumpatan. Kadéngé aya nu jojorowokan ti béh Kulon deukeut tajug Pa Pujo.
‘’Bagooong…..Aya bagoooong….’’
Beretek kuring jeung babaturan nu keur anteng ngadu kaléci kebat ngajugjug ka hiji pasawahan anu keur meujeuhna seureung beukah. Antara lembur Batu Bodas jeung Balabak téh aya sawah anu ngeplak. Ratusan jalma ngabandaleut nyatang pinang hayang écés bener henteuna bagong téh. Cek kuring nyabut tuturus kacang dina galengan.
‘’Mana bagongna euy?’’ Ceuk saurang kolot tengah tuwuh bari mawa gobang.
Jurungkunung éta bagong nu sihungan téh mucunghul tina sela-sela dapuran paré. Jigana mah kadéséh. Jalma ngarengkog, kabéh malundur. Atuh da sieun nempo jirimna mah. Éta bagong nu dikepung aya sagedé énéng (anak munding). Buluna geus semu carucukan bakatku geus kolot bagong téh umurna. Sawaréh pamuda aya nu nénggoran maké batu jeung taneuh galengan nu garing. Bagong malik bari totokér jiga banténg matador. Budak leutik pating kocéak soak. Kolot ogé teu sologoto. Gimir ari geus pahareup-hareup mah. Jigana aya 50 méteran anggangna antara bagong jeung nu ngaronom téh. Atra pisan sesegrokna. Bingung nu teu manggih tungtung kumaha meruhkeun éta bagong, jalma ngan bisa pating gelentem ngobrol. Sawaréh ngabedega nu séjén mah naragog.
‘’Aya nu boga kuli (tumbak) teu?’’ Mang Anon méré bongbolongan.
‘’Lah, geus euweuh nu boga kuli jaman ayeuna mah.’’ Nu séjén némpas.
‘’Kuharianeun bet aya bagong asup ka lembur urang.’’ Pa RT mairan.
‘’Jigana mah kahalodoan.’’
‘’Lain, palangsiang ieu bagong kakaburan ti Gunung Putri.’’ Mang Karnadi bari ngelepus udud.
‘’Kunaon kituh Kar?’’ RT nyelok.
‘’Har…Apan loba tatanggkalan nu dibabadan. Jukutna diduruk keur ngahuma. Béak parab nya tungtungna éta bagong asruk-asrukan. Ngaranjah lembur urang.’’Karnadi bari nyerebungkeun haseup ududna.
‘’Enya ogé bener pamadegan téh. Salah saha tuda? Manusa-manusa kénéh nu nyieun karusakan mah. Sato mah apan ngan ukur seubeuh beuteungna wungkul. Jalma mah ih….Ngagalaksak.’’ RT unggut-unggutan tanda panuju.
‘’Da enya pisan. Ceuk katerangan oge ‘Geus loba karusakan di daratan jeung di lautan alatan tingkah polah manusa'. Nu matak urang salaku manusa ulah sarakah. Hawek kudu dipahing. Apan ieu dunya téh lain keur manusa wungkul. Sing adil. Aya hak ogé keur sasatoan jeung tutuwuhan. Nu matak karuhun urang baheula mépéling. Leuweung ulah dibukbak, gunung montong ditugar. Tah kieu geuning balukarna.’’ Haji Sodikin—Ketua DKM milu ngobrol.
Gorobas!! (Eta bagong téh lumpat ka tonggoh pajaratan Pulasari).
‘’Udag euy!’’ Aya nu méré komando.
‘’Kepuuuung…!!!’’ Ceuk nu lian bari marawa heurap.
Kuring nu ti tatadi nagog jeung babaturan nu sapantaran milu mager bitis éta bagong. Kolot budak ngasruk ka astana.
‘’Kade euy sing tarapti. Bisi bagong bayangan.’’ Ceuk Mang Tayo.
Wanci panonpoé lingsir harita téh. Panasna geus lumayan ngajeletot nyeceb kana sirah. Ti béh Wétan deukeuteun sakola SD Sindanghayu aya nu pating jorowok.
‘’Bagooooong…..Bagoooong…..’’Jalma pating kocéak. Sorana handaruan mantul kana kakayon barangkotan.
Gereyek deui jalma muru ka belah Wétan. Suku kuring asruk-asrukan teu karasa geus garetihan ku jukut riut. Jalma geus ngagimbung. Aya nu ngamang-ngamang bedog sagala.
‘’Padahal tadi ngaliwat kadieu yeuh. Rék dikadék mun kongang mah.’’Mang Endang bari lajag-léjég jiga hayam jago rék diadu.
‘’Kahadé ah, ulah gagabah!’’Aki Sa’id ngageuing.
Keur kitu…
Craaay (Kaca masigit peupeus diteunggar bagong). Tayohna éta bagong asup ka Masjid Nurul Hasanah. Loba jalma ngarasa ahéng. Ngobrol ngalér ngidul bari euweuh saurang ogé nu wani asup ka jero. Sieun meureun.
‘’Palangsiang ieu téh bagong kajajadén kituh?’’
‘’Heueuh jigana mah nu Nyegik téa meureun.’’
‘’Enya keur sholat. Rék tobat meureun.’’ Ceuk nu séjén.
‘’Geus ayeuna mah téang Jang Hadis di Babakan. Tembak wé kituh.’’ Pa Ér-Té méré pamanggih.
‘’Ah, lila. Boa keur dines Pa Hadisna ogé di Koramil. Buka wé pantona. Tuluy dijabrug maké heurap. Urang kadék maké kampak.’’ Mang Yaman bari taki-taki rék muka panto Masjid.
‘’Kadé Jang….Tong lalawora.’’ Celengkeung aya nu ngomong.
‘’La haola….’’ Mang Yaman muka panto lalaunan, leungeun katuhuna mawa dékol paranti meulahan suluh di kebon.
Panto geus ngemplong. Ratusan panon mencrong museur ka éta panto. Kuring ogé ceuceuleunggeuan hayang nyidik-nyidik naha bener éta jirim téh masih mangrupa bagong atawa geus salin jinis jadi manusa. Beretek éta bagong lumpat kaluar sataker kebek. Kampak Mang Yaman nyamos éléh ku ngabelesurna bagong nu tuluy leceng ka Sindangjayakeun. Kolot budak pating jarerit. Ibu-ibu mah komo nepika mareungpeun carang. Asa getir nempo éta kajadian meureun. Tisaprak kajadian éta loba nu nyangka aya jalma Nyegik—hayang beunghar ku jalan munjung ka dedemit bagong. Nu campleng mah sapamikiran jeung Haji Sodikin yén éta bagong jigana geus rusak pangcicinganana ku sabab leuweungna dibukbak.***


