Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Ki Tayar

Senin, 28 Maret 2016

NGAHURUN balung . Taya reureuhna. Dikeueum. Tilelep. Dilelep-lelep. Ditalikung jeroeun jedudna halimun liwung. Manéhna, jeung balad sapangbérokanana. Ngeteyep hayang lunta. Taya hojah. Teu bisa mingé. Gulang-gulang samakta. Pakarang anu kaluar tina sa awak-awakna. Sungutna bisa ngalauarkeun durukan. Ciduhna ngobra . Murakeun rururuhit . “Iraha atuh nya, urang bisa lugay tina panggunasika?” Nyaritana semu nalangsa. “Kateuing atuh Kang, batan dikieu-kieu mah, padahal sakalian wé, paéhan. “ Kituna téh bari rarat-rérét kana témbok weweg. “Tong salah, lamun urang dimusnahkeun. Rugi pikeun maranéhna mah. Atuh meureun, mobisa beurat beunghar. Ngahenang-ngahening.” Barang keur kitu, mangyuta jalma. Pating corowok. “Bébaskeun siah, bébaskeun!!” Kabireungeuh ku para ponggawa. Teu antaparah deui. Mentangkeun gondéwa ka langit, anu panahna tina linggis. Belesur, laju murag, nutug nanceb kana angen jalma anu keur ngaliud. Tapi anéh. Teu paraéh. Ukur rumanggieung, pating kocéak. Bari nahan kanyeri, mawa linggis kapeurih, anu nanceb. Ti mangsa ka mangsa.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya