Nu Haat Datang
TEU pira ukur hayang ditangkeup. Hayang… pisan! Hayang reureuh tina kacapé jeung kasedih. Tapi saha atuh nu bisa disaluuhan, nu daék nangkeup bari ngusapan? Kumalangkang tangtungan nu rimbil ku jangji. Patingkalayang léléwa nu kungsi kapatri na ati. Hiji oge euweuh nu ngajanggélék, datang nemonan.
“Yap, kadieu!” Halon humaréwos kana ceuli. Luak-lieuk nénéangan. . Lebeng. Iwal ti gugupayna hordéng katebak angin.
“Pan tos jangji badé tepang.” Mingkin anteb, asa gigireun. Asa apal kana sorana. Tapi jol tingsariak. Leuwih ti sieun, ngan wasa ngajeten.
“Deudeuh….” Gap, taktak aya nu nyepeng, haneut nyaliara. Tapi teu bisa malik nyidikkeun. Awak kapaku dina pangdiukkan.
“Kela, ieu saha?” Ngageter.
“Jangji ulah hoyong terang.” Teu kuhanteu awak jol ngadayagdag. Nyanda kana awakna. Reup, asa kasirep. Peureum ngararasakeun tingtrim. Asa dibawa ngapung nepungan katumbiri. Tujuh kelirna mancawura.
“Ké tepang deui.” Koréjat! Nyah, beunta. Kontan malik, sieun kaleungitan. Nu ngajorélat… ngejat, nyésakeun dalingding malati.*
Tiktik Rusyani - kisuta.com


