Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Tukang Pulsa

Rabu, 30 Maret 2016

“IYAH, halow! Kumaha, Wang. Ramé di Cidahu? Salam, kanggé Kang Husén! Halow...! Halow! Teu jelas. Pegat-pegat!” Klik. Jadol téh. Pulsana béak! Ngulincer néangan konter. Lebah parapatan, gigireun foto copy. Ngajeblag. “Hidup Mati Cell”. Gura-giru muru. Geuning, ngantri? Lah-lahan milu nyéléké.
“Téh, badé mésér pulsa? Mangga, dianteur ku abdi!” Budak awéwé nuyun leungeun. Srog. Langsung hareupeun.
“Kang, ieu langganan énggal! Peryogi ayeuna, rusuh!” Cengkat. Neuteup seukeut. Korét imut.
“Saratus rébu, ieu nomerna!” Hemar-hemir.
“Teu sadia, kari nu sapuluh rébu!” Sorana agem. Tiis. Golosor kuring mikeun duit.
“Keur nu anyar, haratis! Mayarna ku kahadéan, ka sasama. Dagoan sapuluh menit deui!” Teu daék adu hareupan. Tonggoy. Budak awéwé, nu nganteur, teuing ka mana. Bati medenghel. Biur. Motor nyewuk, meulah pagaliwotana kota. Tirilik sora hapé. Ésémés asup.
“Transaksi isi ulang pulsa nyawa anda, berhasil! Masa aktif, sampai dengan tanggal 28 Juni 2016!” Gebeg. Leng.*

Nena Cunara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya