Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Mustika

Kamis, 31 Maret 2016

"... Kudu ayeuna!" Aweuhan sora 'na impian ngahudang nu gulinggasahan. Nguniang, ambekannana ngahégak. "Kunaon, Apa?" nu ditanya teu gasik némbalan. Manéhna ngusap beungeut. Sarung nu ngaharudum dibeulitkeun kana cangkéng. "Aya ilapat, kudu kaarah ayeuna kénéh." kebat manéhna indit mapay jalan tarahal, mipir pasir jeung gawir. Ngasruk kebon awi, renceb. Dangdaunannana ting cikikik katebak angin patémbalan jeung sora ajag. Plak, gelebug angin mirupa dampal leungeun nampiling pipina. "Teu sieun ku ririwa aing mah!" pokna. Lengkahna ngarandeg basa di tungtung tanjakan geus campego oray hideung, matana ngempur. Rikat ngalaan sarung. Rub, nu dirungkup gugurinjalan. "Teu niat ngakaya ilaing, bongan ngahalangan léngkah aing!" sorana harus nakeran. Salesna oray ngaleungit, clik, nu murag ngempur cahayana koneng emas basa sarung dikebutkeun. Mustika geus aya 'na ranggeuman. Kebat manéhna balik deui. Bru, manéhna ngalempréh di lawang panto. "Kekengingan, Apa?" nu ditanya unggeuk. Garwana sumegruk basa manéhna némbongkeun nu aya 'na ranggeuman. "Kacang kadelé! Mustika nu ilang...."*

Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya