Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Sesah Robihna

Jumat, 1 April 2016

GEUS biasa, komo mun poé minggu, tamu téh sok jul-jol. Malah kadang-kadang nepika tengah peuting sagala. Siga harita, wanci geus peuting pisan. Awak geus leuseuh. Torojol aya awéwé umur limapuluh taunan, dituturkeun ku hiji wanoja. Umur dalapanlas taun, sigana.
"Pangersa, abdi neda du'a kanggo pun anak. Kabogohna téh tos réngsé kuliahna. Tos kagungan damel. Nanging unggal ditaros iraha badé nikah ka pun anak, tara ngawaler."
Rét kuring ka anakna. Geulis. Siga artis india.
"Kieu wé, Bu. Unggal dinten salasa. Ieu tuang putri sina ka dieu. Wios sina nyalira wé."
Geus genep salasa. "Teu nyangki, manawi téh Pa Ustad teu resep Jhon Legend? Abdi ge nuju meujeuhna resep kana laguna, All of Me."
Kuring seuri. Nulis hiji kalimah. "Ieu bacakeun unggal wengi. Aosan nu kamari-kamari gé teraskeun. Salasa payun ka dieu, nya...." Manéhna unggeuk. "Kahoyong mah ulah salasa wungkul, Pa Ustad. Wios unggal dinten?" Bari neuteup. Sorot panon nu ogo. Geulis.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya